hayu ! urang seuri nguping tatarucingan nu tos disadiakeun di handap ieu :
Download Cepot Tatarucingan 1
Download Cepot Tatarucingan 2
Download Cepot Tatarucingan 3
Download Cepot Tatarucingan 4
Download Cepot Tatarucingan 5
Tatarucingan Sunda MP3
Tatarucingan Sunda
Bahasa Arabna buah-buahan | Alpukat |
Bahasa Arabna Permadani | Alketip |
Bahasa Arabna Kalender | Almenak |
Bahasa Arabna Parabot dapur | Almunium |
Leutik Hideng Kesangan ? | Sireum Tas Pus ap |
Hideung Koneng Hejo ? | Urang Negro Modolna Jukut |
Tikajauhan koneng ti kadeukeutan beureum | Jawab Salah tetenjoan |
Di cabak ledok di takol ngabelentrang | Tai kotok dina Katel |
Sato Naon Nupang leutikna | Tongo tapa 10 taun,tipes,kagencet batu |
Kaleng Naon Nu Paur | Kalengkahan Maung |
Kaca naon nu Berat | Kacalikan Gajah |
Tahu naon nu pangbauna | Tahuntu Sia |
Ucing Ngising Muru naon | Murukungkung |
Jelma modol bari naon | Barijil |
Leutik bodas ngabelesat | Remeh napel na pesawat jet |
Oray hejo ngaringkel Udud | Obat nyamuk |
Kumaha ngabedakeun gajah leutik jeung gajah gede | Di ayak |
Di asupkeun kalah kaluar | Kancing |
Basa Jepangna nu Reneh renang | Kukira Kura kura |
Basa Jepangna Botak | Karineke |
Basa jepangna Naek Motor | Suzuki kutaiki |
Basa Arabna Ombeh | Ala an Taina |
Basa Arabna Kopeah | Waddahuulu |
Basa Cinana Leupas | Cing Cuang Cang-cang |
Basa Cinana Rok | Cing Cuang Cing Cat |
Basa Jepangna Boke | Sakurata |
Mun Turun Lila, Mun Naek Gancang | Leho |
Tugu naon nu enak | Tugo Monas..monasi goreng, monasi uduk, kumaha ilaing we |
Nabi nu sok ngaroko | Nabi Wir |
Sapi naon nu gancang | Sapida balap |
Di teuk teuk angger panjang | Kacang Panjang |
Huluna na suku, matana na suku, irungna nasuku, awakna na suku? | Hayam katincak |
Leutik bodas hirup,cicing dina hulu | Kutu keur keputihan |
Aki-aki ragrag surak | Sakti |
Basa Arabna nini-nini lagrag ti tingkat 5 | Innalilahi Wainna ilaihi roji’un |
Lele naon nu sok aya di sisi jalan | Lelepon Umum |
Bedana Apel jeung Upil | Apel mah luhureun meja, mun upil handapeun meja |
Paskibra naon nu teu ngenah | Pas kibra-kibrana sare di hudangkeun |
Bedana HP jeung monyet | HP mah Nokia, monyetmah Nukieu |
Lomari naon nu sok nyanyi | Lomari Irama… anjir maksakeun |
Oray naon nu majuna lempeng | Oray ngadahar linggis |
Cik Susun jadi kalimat “ Tai-Tikus-Kucing-Makan” | Kucing Makan Tikus,…Taina dahar ku Sia |
Jelema meuli bantal keur naon | Keur hudang |
Ceramah Agama Islam ku Basa Sunda
Simkuring ngasaukur ngabagi nu ku simkuring terang jeung dipigaduh !! nyaeta ceramah Agama Islam khususna dina Basa Sunda. Langsung wae :
- Drs. Jujun Junaedi - Nikah
- KHAF Ghozali - Tugas Risalah
- KHAF Ghozali - Syukur Nikmat
- KHAF Ghozali - Sabagean Ciri Agungna Islam
- KHAF Ghozali - Merangan Napsu
- KHAF Ghozali - Ayat-Ayat Allah
- Drs. Jujun Junaedi - Khitan
- Ceramah Kang Ibing
- Kang Ibing & KH Athian Ali 1
- Kang Ibing & KH Athian Ali 2
- Kang Ibing & KH Athian Ali 3
- Kang Ibing & KH Athian Ali 4
- KH Zakaria - Ni'mat-Ni'mat Allah
Ngenal Budaya Sunda Jeung Sajarahna
Budaya Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Budaya Sunda
nya éta budaya nu dipimilik ku urang (séké sélér) Sunda. Najan budaya
Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya séké sélér tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekarannana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa
Sajarah
Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu, misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175 - 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina
- "Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna".
nu hartina,
- "Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".
Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya
(juru basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun). Dina naskah éta ogé
kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan,
nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus
mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana
dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu
kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.
Budaya Sunda Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang (séké sélér) Sunda.
Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya séké sélér
tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina
seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding,
jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekaranana ayeuna
geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.
Daptar eusi [sumputkeun]
* 1 Sajarah * 2 Ageman * 3 Basa, aksara, jeung sastra * 4 Tempo ogé * 5 Rujukan * 6 Tumbu kaluar
Sajarah
Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu
misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu
mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175
- 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina
"Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna".
nu hartina,
"Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".
Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan ayana
rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang),
paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru
pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli
rupa-rupa basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita,
lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina
mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana
yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan,
kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita
pantun, jeung carita biasa.
Ageman
Bukti-bukti sajarah nu geus kagali ngeunaan ageman urang Sunda baheula bisa ditapsirkeun tina sababaraha naskah:
* Séwaka Darma * Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian
Kahirupan jaman harita raket pisan pakaitna jeung kapercayaan tur
kagiatan kaagamaan. Agama anu dianut nyoko kana ajaran agama Hindu jeung
agama Buda anu asalna ti India. Eta dua agama asup ka Tatar Sunda ti
jaman karajaan Tarumanagara keneh. Bukti-bukti anu kapanggih ngeunaan
eta hal, saperti candi Cangkuang di Garut, candi Batujaya jeung Cibuaya
di Karawang, patung Buda di Talaga (Majalengka), arca Siwa di Kendan
(Bandung). Sok sanajan kitu, dibandingkeun jeung pangaruh agama
Hindu/Buddha anu tumerap di Tanah Jawa (Mataram, Kediri, Singasari,
Majapahit), pangaruh eta dua agama di Tatar Sunda kaasup leutik pisan.
Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe
Polinésia, jeung naskah nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda
jeung Galuh ngagem agama Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme
kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran Buddha. Dina
ieu hal urang Sunda alam harita geus ngabogaan konsep sorangan ngeunaan
kaagamaan anu ngurung tilu hal, nya eta (1) kapangeranan, (2) kahirupan
sanggeus nyawa ninggalkeun raga, jeung (3) cara-cara pikeun nyalametkeun
diri boh keur salila kumelendang di ieu dunya boh keur hirup jaga di
aherat.
Tilu dewa (Trimurti) anu dianggap pangeran pangluhurna ceuk agama
Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa), nurutkeun ajaran Jatisunda, perenahna
sahandapeun sanghyang. Jadi, sanghyang minangka unsur kakawasaan anu
pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun alam sagemblengna. Sanghiyang ngatur
sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang nyekel kakawasaan di jagat
raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu pernahna di luar alam
dunya ieu. Kahyangan téh alam anu suci, sepi, tur langgeng taya gangguan
kahirupan dunya.
Asup ka alam Kahyangan katut hirup ngahiji sareng Hyang sabada nyawa
ninggalkeun raga mangrupa panyileukan manusa, sabab nya di dinya nyampak
kabagjaan abadi. Eta panyileukan bisa kahontal, upama manusa salila
hirupna di alam dunya ngagungkeun tur nyembah Hiyang sarta loba nyieun
kahadean ka sasama manusa, laku lampahna hade luyu jeung pancen hirupna.
Kasalametan jeung kabagjaan hirup di alam pawenangan (dunya) jeung di
alam kalanggengan (aherat) gumantung kana ajen tapa hiji jalma anu
dilakonan salila hirupna di alam dunya. Tapa teh nya eta garapan gawe
nurutkeun kaahlian jeung pagawean masing-masing. Lamun tapana hade tur
daria, kahirupan di dunya jeung di aheratna oge pinanggih kasalametan
jeung kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun tapana goreng, kahirupanana oge
bakal tinemu jeung kacilakaan katut katunggaraan boh di dunya boh di
aherat.
[édit] Basa, aksara, jeung sastra
Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah
séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di
Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga
Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.
Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di masarakat
Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksara Cacarakan. Aksara
Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.
Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19, aksara
Latin ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan
abad ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku
Muhamad Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti
dipakéna aksara Latin.
Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun ku
Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél
roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal
awal abad ka-20.
Roman Sunda munggaran dikarang ku Ardiwinata nu judulna Baruang ka nu
Ngarora, dituturkeun ku Méméd Sastrahadiprawira, Yuhana, Moh. Ambri,
jeung Margasulaksana (roman ditéktip Diarah Pati).
Kumpulan carpon munggaran ditulis ku G. S. (ngan dikenal sandiasmana
wungkul) dina judul Dogdog Pangréwong (1930), dituturkeun ku M. A.
Salmun, Rusman Sutiasumarga, Tini Kartini, RAF, Wahyu Wibisana, jsb.
Sajak bébas basa Sunda diluluguan ku Kis W. S..
Wangunan lakon teu pati ngembang dina basa Sunda, sabab aya gending karesmén nu leuwih dipikaresep.
Dina jaman méméh perang, buku-buku sastra Sunda lolobana wedalan Balé
Pustaka, Jakarta. Sanggeus perang, karya sastra Sunda leuwih loba nu
medal ti pamedal-pamedal swasta.
Basa, aksara, jeung sastra
Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.
Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di masarakat Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksara Cacarakan. Aksara Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.
Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19, aksara Latin
ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan abad
ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku Muhamad Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti dipakéna aksara Latin.
Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun ku Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal awal abad ka-20.
Roman Sunda munggaran dikarang ku Ardiwinata nu judulna Baruang ka nu Ngarora, dituturkeun ku Méméd Sastrahadiprawira, Yuhana, Moh. Ambri, jeung Margasulaksana (roman ditéktip Diarah Pati).
Kumpulan carpon munggaran ditulis ku G. S. (ngan dikenal sandiasmana wungkul) dina judul Dogdog Pangréwong (1930), dituturkeun ku M. A. Salmun, Rusman Sutiasumarga, Tini Kartini, RAF, Wahyu Wibisana, jsb.
Sajak bébas basa Sunda diluluguan ku Kis W. S..
Wangunan lakon teu pati ngembang dina basa Sunda, sabab aya gending karesmén nu leuwih dipikaresep.
Dina jaman méméh perang, buku-buku sastra Sunda lolobana wedalan Balé Pustaka, Jakarta. Sanggeus perang, karya sastra Sunda leuwih loba nu medal ti pamedal-pamedal swasta.
Langganan:
Postingan (Atom)